Thursday
2024-04-25
4:39 PM
Section categories
Analisa [3]
Arabiatuna [1]
Barakatak [2]
Cerpen [1]
Figura [2]
Lenyepaneun [1]
Lintas Budaya [4]
Paguyuban [10]
Resensi [4]
Salam Rumpaka [2]
Serial Kampus [3]
Sorotan Utama [1]
Keputrian [3]
Warta Kita [2]
Statistics

Total online: 1
Guests: 1
Users: 0
Search
Site friends
  • Create your own site
  • My site
    Main » Articles » Barakatak

    MB (Mâ'idaturrahmân Anu Bucat…?!)



    Bari hah heh hoh, si Kabayan ningali aya kran di dapur. Regot we si kabayan ngabatalan siga si Mesir. Ningali di Bale ٌRancage, warga geus mulai sarolat, Kabayan buru-buru hayang milu berjamaah samemeh dahar.

    Hiji waktu si Kabayan—teu kahaja--ningali kolek cau diplastikan hiji-hijina dina baskom pipireun kulkas. Lantaran—cenah—bisi kaburu ku batur, akhirna si Kabayan teu nyadar nyakuan eta kolek kana pesak baju bari euweuh kancingan. Tuluy we Kabayan shalat ngamakmum jeung jamaah sejen.

    Saba'dana takbir tuluy ruku, si Kabayan teu nyadar yen kolek teh luncat tina pesakna, bari leungeunna anu kurang sigap tea, puguh weh craaaat… kolek bucat bahe kana karpet Bale Rancage.

    Akhirna gara-gara kolek bucat, lain si Kabayan wungkul anu ngbatalkeun shalat, malahan mah hampir kabeh jamaah baratal lantaran teu kuat narahan seuri.  Tuluy we aya mang Apot, Ketua Pasangrahan tea, bari pok harewos ka si Kabayan "Yeuh..yeuh.. tong nga-boding maneh teh yeuh..!" Bari santai si Kabayan ngajawab, "Ngaranna ge Kabayan atuh kang, hirup kudu loba warna..!" "Ngawarnaan naon Kabayan?" celetuk kang Imam ti tukang. Kabayan sigep ngajawab, "Ngawarnaan karpet ku kolek cau kang…!" bari ngaleos siga nu teu boga dosa.

    Category: Barakatak | Added by: fajar (2009-09-29)
    Views: 1042 | Rating: 0.0/0
    Total comments: 0
    Name *:
    Email *:
    Code *: